Minggu, 10 Maret 2019

NASKAH DRAMA SUNDA "CINDOTRELLA" BODORAN TINA CINDERELLA


Naskah Drama Cinderella
Jaman baheula, kacaritakeun aya hiji awewe geulis,bageur, rajin solat, jeung teu sombong ngaranna Cinderella. Manehna hirup jeung indung tere jeung sodara tere na. Ku indung tere jeung sodara terena, Cinderela dianggap siga pembantu. Dina hiji poe, Cinderela keur sasapu di hareupeun imah, tuluy disampeurkeun ku sodara terena nu ngarana Violet.
Violet : Cindoot, tuh maneh digeroan !
Cinderela : ku saha?
Violet : ku nu maha kawasa ! Nya ku ema atuh !
Cinderela : oh mu
hun atuh ( bari ka jero imah) aya naon ma?
Ema : (ngalungkeun baju ka cinderela) yeuh ! Seuseuh baju ieu kabeh ! Ulah nepi ka ruksak,soeh, jeuungg ulah jual bajunii  (make logat upin-ipin)
Cinderela : oh muhun ma ( bari mawa baju ka kamar mandi, terus nyeuseuh bari nyanyi)
Cinderela : nyeuseuh ! Nyeuseuh ! Nyeuseuh oooo.... Nyeuseuhh ! Nyeuseuh ! Nyeuseuuhooo ! (Lagu justin bieber nu judulna baby ngan diganti jadi nyeuseuh)
Ngadenge sora cinderela nyanyi, indung tere jeung sodara terena datang
Ema : cinde ! Gandeng! siga sorana alus silaing teh (bari nempobaju nu keur diseuseuh)
Aduh cindooot ! Ning baju ema jadi kieu? Ieu teh mahal !
Cinderela: emang sabaraha kitu mah?
Ema : dua belas lima ! Jauuuuhhh deui meulina !
Cinderela : dimana ma?
Ema : di pt loak ! Tina kulit asli deui ieu teh
Cinderela : kulit naon ma
Ema : kulit cau, kulit embe, kulit salak, kulit bancet, kulit tutut jeung sajabana ! Geus pokona ema hayang baju ieu hade deui ! Mun ncan hade maneh teu menang kaluar ti gudang !
Cinderela : muhun ma .
Cinderela akhirna cicing di gudang bari ceurik. Terus ijig ijig teuing tibolongan mana aya peri kasep datang. cliiingg
Cinderela : saha anjeun teh? Anak indung tere abdi nu dikurung didieu oge nya? Ngaku siah !
Peri : (sewot) enak wae abi teh peri apal teu?
Cinderela : peri naon? Perikanan? Perikemanusiaan?
Peri : abdi teh peri nu tiasa ngabulkeun permintaan. Nah, neng tiasa ukeun dua permintaan, manggaaaa( bari nunjuk make jempol ka cinderela)
Cinderela : jadi kieu peri abi dikurung didieu teh pedah abi ngaruksak acuk ema abi. Abi hoyong acuk ieu leres deui siga tadina peri.
Peri : oh gampang ! (Mulai maca mantra ) jos gandos kotos meledos dodolu dodoli pret aaaa clinggg (sakedip mata bajuna alus deui)
Cinderela : wah nuhun peri, ayeuna abdi bade masih keun acuk ieu ka ema abdi
Peri : manggaaaa.... (Bari ngajuh terus ngalengit)
Dihareup imah cinderela aya pengawal nu nyebarkeun undangan pesta istana pangeran nu keur neangan pamajikan.
Pengawal : ibu mangga sakulawargi sumping ka acara di istana kanggo pesta dansa. Pangeran nuju milarian pasangan.
Ema: oh muhun bapak nuhun
Pengawal :ibu punteun, abdi bade neraskeun nebar bewara ka pelosok rt kerajaan. Mangga ibu
Ema : oh muhun mangga pak !
Tuluy Cinderella datang...
Cinderela : ema iyeu acuk ema nu tadi
(Ema jeung Violet sibuk ngomongkeun baju jeung ka pesta dansa)
Ema : Uhun simpen w di kamar !
Cinderela : ema, wios teu abi ngiring ka pesta?
Ema jeung violet seuseurian
Violet : emang maneh boga baju alus kitu? Hahaha apa rek make baju butut? Hahaha apa kata bunia?
Cinderela :Dunia Let, Dunia ...
Ema : hayu atuh cuang dandannya mih geulis teu camehong jiga cinderela..
Violet : hayu mah..
Tuluy indung tere jeung sodara tere cinderela ka pesta dansa di istana. Ai cinderela mah ceurik hangseuk-hangseukan. Ijig ijig peri kasep teh datang deui hareupeun cinderela
Peri : Har geuning maneh ceurik? Keur bagja nya?
Cinderela : sedih peri... Sedih...
Peri : kunaon?
Cinderela : abi teu kenging ka pesta ku ema, pedah baju abi siga goreng peda buntung.
Peri : naha teu menta bantuan peri?
Cinderela : tiasa kitu peri?
Peri : tiasa atuh ,kampil !
Cinderela : gampil peri ! Gampiill ! Sok atuh peri enggal kumaha?
Peri : abdi rek ngajadikeun baju goreng peda buntung cinde jadi acuk sae... Jos gandos kotos meledos dodolu dodoli pret aaaaa cling..
Sakiceup soca baju butut cinderela jadi baju alus
Cinderela : wah sae pisan peri, tapi ning abi masih nganggo sendal jepitnya?
Peri : ih naha nya? Kela cobian deui jos gandos kotos meledos dodolu dodoli pret aaaa ...
Tapi anger wae teu hade
Cinderela : ning kieu wae peri?
Peri : aduh cindeee, hampura nya, jadikan tadi wengi teh di kontrakan listrikna pareum, jadi hilap teu dicas. Punteunnya cin...
Cinderela : oh muhun atuh kieu we
Peri : tapi inget, enging nepi ka ngalewatan jam 12 pas.
Cinderela : kunaon kitu peri?
Peri : kuota abi seep engke wengi jam 12, jadi engke acuk putri balik deui jadi goreng patut.
Cinderela : ok siap peri ! Nya ntos atuh, abi angkat, dah peri
Peri : dah ! Aya ongkos ojek teu?
Cinderela : aya peri ! Kanggo peri meser kuota we !
Peri : monyong ! Kalah moyokkan. !
Cinderela dugi ka istana. Sadaya tamu kapukau ningal cinderela. Pangeran langsung nyaketan
Pangeran : hai putri, hoyong dansa sareng simkuring?
Cinderela : mangga pangeran.
Pangeran sareng cinderela joget ala blekping terus cinderela eureun ngadangu aya suara sponsbob skuerpen.
Cinderela : suara naon eta pangeran?
Pangeran : eta teh suara alarm jam 12 istana putri
Cinderela : ohh, ning kitunya? Hah jam 12?
Tuluy cinderela lumpat
Pangeran : putri sakedap ! Wasta putri naon ?
Cinderela : nami abi Cinnnn .../gubrakk
Sendal jepitna copot hiji. Tapi terus lumpat
Pangeran : putri Cin ! Cindot ! Cindolooo ! Cinta laura ! Aduh sha sih ! Ciiinn ! (Mawa sendal cinderela nu coplok terus di ambeu)     hmmmm bauu...
Isukna, pangeran keliling make kuda online neangan nu sampeanna pas sareng sendal jepit sabelah Cinderella nu lagrag pas pesta dansa. Tuluy nepi diimah cinderela
Pangeran : punteun
Mama : mangga ! Eh pangeran mangga leubeut !
Pangeran : abi gaduh hiji sendal jepit. Saha wae nu sampeana pas sareng gaduh nu sabelahna deui, tiasa jadi istri abdi.
Ema : oh abi bade nyobian pangeran (dicobian, tapi te pas ) Violet dieu !
Violet : naon mah?
Ema : cobian sendal iyeu
Violet : teu cekap mah
Pangeran : aduh bu, aya anggota kulawargi nu sanes deui?
Ema : teu aya pangeran
Tapi cinderela datang
Cinderela : wios abi nyobian pangeran?
Pangeran : mangga
Tuluy pas sendalna dipake Cinderella
Pangeran : wah cekap, gaduh pasanganna putri?
Cinderela : aya pangeran
Pangeran : wah muhun, sami ledokna. Putri, tiasa teu putri jadi istri abi?
Cindeu : teu pangeran... Teu nolak maksudna (ngakak)
Tuluy cinderela jeung pangeran nikah jeung hirup bagja salamina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar